Ngarobah Facebook kana basa Sunda | Mengganti bahasa pada Facebook menjadi bahasa Sunda
Facebook Sunda é a função javascript alterar o idioma no Facebook tornou uma língua Sundanese | Facebook Зондского является наличие функции изменения языка на Facebook стала Суданский язык | Facebook सुण्डा जावास्क्रिप्ट समारोह Facebook पर भाषा बदल एक सुंडानी भाषा है
binih basa Sunda pikeun Facebook nu dipelak dina greasemonkey... haturan kanggo nu cinta jeung reueus ka basa Sunda
- Parabot Urang Sunda - sundanese software
- Facebook Sunda teh nyaeta aplikasi basajan pikeun ngarobah pidangan basa di situs pesbuk facebook.com, kana basa Sunda. Kode Facebook Sunda ditulis ku basa program javascript anu dijalankeun salaku pangeuyeub atawa ekstensi dina browser. Sanajan ukur parabot uduh basajan jeung rea keneh kahengker, nepi ka kiwari ieu aplikasi basa sunda teh geus dipasangkeun leuwih ti 23.000 kali.
- Pamekar - developer
- Aplikasi Facebook Sunda mimiti dipedalkeun ku sim kuring dina taun 2010. Bubuhan modalna saukur reueus jeung cinta sarta pamekarna lain coder atawa programmer, ieu parabot uduh teh kaasup ieu blog dikokolakeun sakainget. Hasilna, nyanggakeun sadaya-daya.
- Gambarna - screenshot
- Tah ieu gambar conto hasil kacaloka facebook.com nu dirobah jadi basa Sunda.
klik pikeun ningali gambar badagna
- Masangkeun - installing
- Skrip Facebook Sunda bisa dijalankeun dina rupa-rupa panyungsi loka.
Mangga teraskeun kana artikel nu patali sareng cara Nyundakeun Facebook.
- Jujutan - changelog
- Jujutan teh nyaeta catetan riwayat parobahan atawa pamutahiran kode, entri kecap, jeung pidangan Facebook Basa Sunda ti mangsa ka mangsa. Salengkepna mangga tingali Jujutan Facebook Basa Sunda
- Rojongan - support
- Lamun anjeun aya karep pikeun mantuan nambahan kandaga kecap Facebook Sunda atawa mantuan ngaropea kodena, mangga diantos pisan. Moal dibayar! Tapi ngaran jeung tumbuloka anjeun bakal kacatet dina kacaloka Facebook Sunda di userscripts.org jeung di dieu :) hayu pacantel...
- Pacantel - get connected
- kintun serat ka sarwasunda@gmx.com
- Implengan - what's next
- Ka hareupna, kuring hayang nyobaan oge ngarobah aksarana. Hah, hey! Aya Facebook dina Aksara Sunda! Anjeun oge bisa! Hayu make basa Sunda jeung piara aksara Sunda! Hayu nyundakeun dunya!
Facebook sunda, sundanese facebook, facebook bahasa sunda, facebook sundanis, FB Sunda, pesbuk Sunda - ieu tulisan dikiwarikeun 29-5-2014, 23.10 samemehna 18-3-2012, 11.41, 14-12-2012, 16.52