Google Translate Toolkit pikeun Basa Sunda, cara make pakakas tarjamah - mana ketak Sunda sanggeus tandangna Jawa jeung Bali?
Basa ngalongok Gugel Enonesa, mani nyongkab ieu hate, kapanasan, panas pisan. Salian ti basa Indonesia jeung Jawa, eta loka teh geus sababaraha minggu ditawarkeun pikeun midang dina Basa Bali.
Beu, geus kapiheulaan deui wae. Ari Urang Sunda ka marana?
Hiji deui, Gugel Trenslet. Nepi ka danget ieu eta aplikasi geus ngarojong tarjamahan 71 basa di dunya, salahsahijina basa Jawa.
Memang lain perkara ti heula - pandeurina da ku manggungna basa Jawa sareng Bali oge teu saeutik reueusna. Tapi, mun ngukur kadar getih Sunda urang, mana atuh nu majar kentel teh? Mun bener Urang Sunda araya keneh, jeung nyaah ka anak incu, arek moal?
Mang Gugel Butuh Urang Sunda
Proposal atawa surat pangdongsok (
desakan) atawa nu sarupa sejena ngeunaan Gugel jeung atawa Gugel Trenslet Sunda bisa wae dikirim ka pihak Gugel. Tapi emut:
mesin tarjamah Gugel teh mroses panarjamahan hiji basa ku cara ngaanalisa rebuan hasil tarjamahan manusa.
Hartina, Gugel merlukeun sumber pikeun bahan analisa mesin tarjamahna. Ti mana sumberna? Moal boa, tangtu ti urang, urang Sunda. Saha deui atuh?
Ka sadaya urang Sunda, anu geulis, anu kasep, anu bageur, pinter, tur motekar mangga uningaan geura,
Google saparakanca keur narekahan sangkan ngarojong basa liana jeung bakal ngawanohkeun eta basa satutasna tarjamah otomatis luyu reujeung standar Google. Dina raraga ngamekarkeun basa anyar sarta pikeun ngaronjatkeun basa nu geus nyampak, Google butuh sajumlahing teks dwibasa. Anjeun bisa make Translator Toolkit (alamatna: https://translate.google.com/toolkit/list?hl=in) pikeun ngokolakeun proyek tarjamahan atawa ngunggahkeun (nga-upload) memori-tarjamahan kana Translator Toolkit.
HR. Google (https://support.google.com/translate/#2534530)
Translator Toolkit
Translator Toolkit teh pakakas panarjamah babarengan nu bisa dipake pikeun ngumpulkeun eta bahan tarjamahan dina wangun teks-dwibasa. Teks Dwibasa teh bisa mangrupa artikel nu aya di internet tina basa naon bae nu dialihbasakeun kana basa Sunda anu satuluyna diunggahkeun (di-
upload). Ari memori tarjamahan maksudna daftar kecap atawa
frase sarupa kamus.
Eta parabot teh bisa diakses ku sing saha wae nu boga akun Gugel Taya watesan ngeunaan lobana teks sarta sabaraha urang nu kudu ngumpulkeunna.
Implengan kuring: Mun sakirana "bahan tarjamah" geus loba sarta luyu jeung watesan standar pihak Gugel patali reujeung pola-pola basa Sunda nu geus kabaca ku mesin tarjamahna. Moal lila, aplikasi aplikasi Google Translate Basa Sunda bakal ngawujud.
Ngunggahkeun kana Translator Toolkit
Imeutan carana:
- Akses kana Trenslet Tulkit merlukeun Akun Google
- Buka lalaunan Google Translate Toolkit (bisa oge didongkang tina tumbu loka dina pelebah handap Google Translate; Perangkat Penerjemah) ieu gambarna:
- Unggahkeun konten ku cara ngaklik kenop UNGGAH, satuluyna bakal mucunghul kacaloka nu gambarna kieu
- Luyu jeung gambar tadi, klik dina Tambahkan konten untuk diterjemahkan.. sarta pilih salahsahijina:
- Unggah file... (konten tina koropak dina komputer)
- Masukan url (konten tina alamat ramatloka)
- Masukkan teks (konten nu diketik langsung)
- Masukan artikel wikipedia (konten tina artikel wiki)
- Pilih Video YouTube... (konten nu mangrupa vidio)
- Satuluyna, urang kudu nangtukeun kana basa naon konten nu diunggahkeun rek ditarjamahkeunna, tangtu dina ieu hal mah kudu diketik:basa Sunda
Jenis-jenis konten tarjamahan:
Dokumen: HTML (.HTML), Microsoft Word (.DOC/.DOCX), Teks OpenDocument (.ODT), Teks Polos (.TXT), Teks Kaya (.RTF), atawa teks tina URL Wikipedia
Video: Teks YouTube, SubRip (.SRT), SubViewer (.SUB)
Iklan: Arsip Editor AdWords (.AEA), File Editor AdWords (.AES)
Liana: GNU gettext (.PO), Aplikasi Java (.PROPERTI), Application Resource Bundle (.ARB), Ekstensi Chrome (.JSON), Aplikasi iOS Apple (.STRINGS)
tumbuloka
Ieu seratan diropea tina wangkongan dina
pesbuk dina September 2013 https://www.facebook.com/groups/tandang/permalink/10151582543932127/